Senin, 10 Oktober 2011

SI KABAYAN DICUKUR

Si Kabayan teh pangedulan pisan jeung mumul baranggawe. Ari pangedulan teh identik jeung jahe alias jago he-es (beuki sare), teu kaop nyangkere atawa nyarande ngan ker wae kerek.
Sakali mangsa si Kabayan teh dicukur. Dicukurna handapeun tangkal gede sisi jalan Matraman. Ari tukang cukur teh ruruntuk dalang, tadina hayang jadi dalang tapi teu kataekan, kalah jadi tukang cukur, teu wudu payu nyukurna teh da eta ari nyukur sok bari ngadalang.
Si Kabayan ti barang gek diuk dina korsi panyukuran geus lelenggutan wae nundutan. Saperti biasa tukang cukur teh ari ceg kana gunting jeung sisir tuluy wae ngabuih … ngadalang, pokna teh ..”Tah kacaturkeun di nagara Alengka, rajana jenengan Dasamuka … ari dasa hartina sapuluh … ari muka eta  hartosna beungeut  atanapi raray .........” Si Kabayan anu keur ngalenggut ngarasa kaganggu ku nu keur ngadalang, bari heuay si Kabayan nyarita “Pondokkeun wae mang.” Trek-trek-trek tukang cukur teh ngaguntingan buuk si Kabayan bari pok deui … “Ari geus kitu … eta Dasamuka teh bogoh ka Dewi Sinta, geureuha Sri Rama ......”  “Pondokkeun wae mang … “ ceuk si Kabayan nyaritana selang-seling antara inget jeung henteu bawaning ku tunduh , teu lila reup deui sare … lilir deui sakeudeung tukang cukur teh keur ngadalang keneh “Urang tunda Dewi Sinta nu keur di Alengka, sabab dipaling ku Rahwana … caturkeun Sri Rama …” si Kabayan asa kaganggu sarena tuluy nyarita bari lulungu “Pondokkeun mang ………”
Reup deui peureum, trek-trek tukang cukur ngaguntingan buuk si Kabayan bari nuluykeun ngadongengna, unggal si Kabayan lilir tukang cukur teh keur ngabuih keneh ngadalang, tapi ari leungeunna mah tetep teu eureun-eureun ngaguntingan buuk si Kabayan. Si Kabayan keuheuleun pisan sabab sarena kaganggu ku tukang cukur, nu sakapeung sok ngagerem nurutan sora buta atawa ngajerit nurutan sora Dewi Sinta basa dipaling ku Rahwana …… antukna si Kabayan ngambek ka tukang cukur bari nyarita “Ceuk aing ge pondokkeun …… pondokkeun ……! Tukang cukur nembalan “Dipondokkeun kumaha ieu geus lenang kieu …!”  Ari ret si Kabayan kana eunteung enya wae sirahna geus gundul teu salambar-lambar acan buukna, puguh wae si Kabayan teh ngambek. “Nu dipondokkeun teh dongeng maneh lain buuk aing ……” si Kabayan morongos, tukang cukur nembalan bari nyentak, “Bongan sorangan, naha atuh sare wae  batur digawe teh, lain nganuhunkeun diembohan ku dongeng teh……!” Ngan hing bae si Kabayan teh ceurik bakating ku handeueuleun jaba ari balik dipoyokan ku barudak bari  diabring-abring  penjol ……   penjol ………penjol……!

Tidak ada komentar:

Posting Komentar