Senin, 10 Oktober 2011

LANDONG HASEUM: "SI KABAYAN JEUNG PROFESOR"

Si Kabayan jeung profesor diuk pahareup-hareup dina kareta api jurusan Bandung - Jakarta. Maranehna samasakali pada-pada teu wawuh. Ku lantaran kitu sajajalan maranehna teh pacicing-cicing. Sangkan teu karasa bosen di perjalanan, profesor ngajakan tatarucingan ka Si Kabayan sanggeus samemehna duanana silih wanohkeun diri.
" Hei Kabayan, kumaha lamun urang tatarucingan..? " Kabayan teu malire manehna mah anteng we neuteup kaluar jandela kareta api. Ningali kitu profesor jiga anu keuheuleun. Pokna deui " Kabayan hayu urang tatarucingan..! Kuring rek mere tarucing keur anjeun. Lamun anjeun teu bisa ngajawab, anjeun cukup mere duit Rp. 5000 ka kuring. Tapi lamun anjeun bisa ngajawab ku kuring anjeun dibayar Rp. 50.000." Ngadenge omongan profesor kitu Si Kabayan rada curinghak.. Profesor nyarita deui, " Anjeun mere tarucing ka kuring, lamun kuring bisa ngajawab anjeun cukup mere duit Rp.5000 ka kuring. Tapi lamun kuring teu bisa ngajawab, kuring mayar Rp.50.000 ka anjeun, kumaha lamun kitu..? "
Panon Si Kabayan molotot kawas nu rek ngacleng kaluar, ceulina ngadadak rebing ngadenge caritaan profesor. Pok manehna ngomong, " Heug ..jadilah lamun kitu carana mah. Ayeuna pek kuring tanya..! "
" OK...! " Walon Si Profesor mani giak naker. " Yeuh dangukeun tarucing kuring, pangitungkeun jarak antara bumi jeung bulan..? " Kabayan seuri lantaran teu nyaho naon jawabanana. Tuluy manehna ngodok saku calanana, song duit Rp. 5000 dibikeun ka profesor. Bari atoh profesor narima eta duit.
" Tah ayeuna giliran anjeun nanya ka kuring..! " ceuk profesor deui. Kabayan ngahuleng tuluy nanya,
" Sato naon ngaranna lamun naek ka gunung sukuna dua, tapi lamun turun ti gunung sukuna jadi opat..? "
Profesor mikir mani uleng neangan jawaban. Tuluy kutrat-kotret ngitung ku kalkulator sarta muka leptopna, nyambungkeun kana internet mukaan sakabeh situs ensiklopedi, weleh teu manggih jawaban. Teu kungsi lila kusiwel manehna ngaluarkeun duit Rp.50.000 tina saku bajuna sarta tuluy dibikeun ka Si Kabayan bari rada jamotrot. Gancang eta duit teh ditampanan, sup diasupkeun kana loketna ku Si Kabayan bangun nu atoheun pisan.
" Ke..ke.. ke... sakeudeung Kabayan..!!! " Cek profesor semu nu ngambek. " Kuring teu tarima, naon jawabanana tarucing maneh...? "
Si Kabayan seuri ka profesor, bari teu riuk-riuk Si Kabayan ngodok pesak jeketna, tuluy mikeun duit Rp.5000 ka Profesor. Profesor garo-garo sirah teu ateul, tarangna rada kerung sarta manehna narik napas jero pisan jiga nu handeueul....

Tidak ada komentar:

Posting Komentar