Senin, 24 Mei 2010

Mengenal Inohong / Tokoh Nasional dari Tatar Sunda: R.H. MOHAMAD SANUSI HARDJADINATA

Wanoh ka Inohong / Tokoh Nasional ti Tatar Sunda:
BIOGRAFI
R.H. MOH. SANUSI HARDJADINATA
Ku : M. Ridwan Iskandar
Foto R.H.M. SANUSI SARDJADINATA


Harepan R. Wirantadidjaja sangkan putrana tiasa janten menak karasa pamohalan pikeun ngawujud. Sabab jadi menak teh kudu tamatan Sakola Menak (Hoofdenschool), sedeng Sanusi teu mungkin tiasa lebet ka eta sakola. Kaayaan jaman harita teu ngamungkinkeun pikeun ngabiayaan pendidikan anu sakitu mahalna. Tapi sanajan kitu, sumanget Sanusi kanggo neraskeun sakolana henteu pareum kitu wae. Sabada namatkeun HIS di Garut, anjeuna ahirna lebet ka sakola pendidikan guru HIK (Hollandsch Inlandsche Kweekschool) anu kocap kalawan sebutan Sakola Raja di Bandung. Sanusi lebet ka Onderbouw HIK taun 1933 (diploma Mulo B) dugi ka lulus sareng Bovenbouw HIK taun 1936 (Onderwijzers Akte).
Aya tilu sobat dalit Sanusi nalika sakola di HIK anu salawasna ngancik dina ati sanubarina, nyaeta: Sukanda Bratamanggala, Subiadinata, sareng A’on. Tilu sobat opatan sareng Sanusi sok dilalandih kwartet. Sabada ancrub di masarakat eta opat sosobatan teh naratas karir anu beda-beda. Sukanda dibawa nasib pikeun aktif dina widang militer, sedengkeun Subiadinata sareng A’on malang mulintang di dunia pendidikan, ari Sanusi ditakdirkeun pikeun milih ancrub di widang pamarentahan.
Taun 1936 Garut katarajang wabah pes, Taun eta pisan taun musibah kanggo Sanusi, anjeunna ditilar ku ibu ramana mulih ka rohmatulloh. Ampir sadaya kulawargina ngantunkeun pikeun salalamina ku alatan eta wabah. Di antara kulawargina mung anjeunna wungkul nu nyesa. Ti harita Sanusi nunggul pinang. Teu aya baris pigeusaneun. Kamana deui kedah ngadu nasib.
Taun 1936 anjeunna ancrub kana dunia pendidikan, karir awalna janten guru di HIS partikelir. Anjeunna ngajar di HIS Kramat, Betawi, kota anu kiwari disebut Jakarta.Ti kota kolonial ieu anjeunna ngalih deui ka kota leutik teras ngajar di HIS Muara Dua, Lampung, Sumatera Selatan. Teu kungsi lami ngalih deui nyaketan lemburna. Anjeunna ngalih ka Bandung ngajar di HIS Pasundan. Dina taun 1939 anjeunna ngajar di Inheemsche MULO Pasundan. “Kuring emut keneh, samemeh jadi guru diuji heula. Harita kawilang istimewa pikeun guru nonoman bisa ngajar disakola ‘menengah’. Eta sakola teh pernahna di Jalan Kopo.” Kitu kasauran Sanusi waktu diwawancara ku wartawan Mangle dina taun 1985.
Salaku nonoman anu icikibung dina dunia pendidikan tur aktif di ‘Sarekat Kerja’ Onderwijers Vak Organisatie (O.V.O) cabang Bandung hiji organisasi guru para alumni HIK, Sanusi ngaraos kagugah pikeun ngagabung tur aktif di Paguyuban Pasundan. Samalah anjeunna sasarengan sareng Sukanda Brata Manggala ngadegkeun Pandu Organisasi Pasundan disingget POP. Harita Paguyuban Pasundan nuju dipingpin ku R. Oto Iskandar di Nata. Paguyuban Pasundan mere rupa-rupa ‘kontribusi’ pikeun ngamajukeun masarakat pribumi dina jaman kolonial Belanda. Paguyuban Pasundan oge bagerak pikeun ngamajukeun bidang sosial, ekonomi, budaya, jste. di Tatar Pasundan. Salasahiji tokoh Pasundan anu dianggap guru ku anjeunna nya eta Bapa Ema Bratakusumah.
Taun 1942 Jepang datang ngajajah lemah cai. Dina waktu anu singget Panglima Perang Hindia Belanda nandatangan surat serah bongkokan tanpa sarat ka Panglima Militer Jepang di Kalijati. Ti harita pamarentah militer Jepang, penjajah kulit koneng jadi nu kawasa di Hindia Belanda, ngaganti penjajah bule. Harepan pikeun mangsa nu bakal datang anu leuwih hade teh sirna sapada harita.
Dina awal kakawasaanana Jepang nutup sakabeh sakola nu aya di Indonesia. Nya ti harita Sanusi janten ngaligeuh. Sagala rupa karasa leuwih werit, sok komo harita teh anjeunna tos kagungan rarabi tina pernikahan sareng R.Iin Sopiah anu ditikah taun 1938. Untungna sataun ti dinya sakola-sakola teh dibaruka deui. Sanusi gasik ngalamar janten guru. Tapi dalah dikumaha, nasib teu acan mihak ka anjeunna; lamaran ditolak, alesanana basajan pisan, guru sakola menengah nu ditarima teh kudu ngabogaan pangalaman salila sabelas taun.
Sanusi ngaraos helok ku ayana katangtuan pangalaman ngajar sabelas taun ieu. Sabab nurutkeun pangemut anjeunna elmu ngajar tos kacangking. Anjeunna tos cukup lami ngajar, ngan tacan sabelas
taun. Najan kitu, anjeunna ngaraos tos kagungan kamaheran ngajar anu nyekapan. Ahirna Sanusi mutuskeun pikeun liren janten guru. Anu engkena ieu pamadegan teh matak pikareueuseun lantaran anjeunna henteu kantos ngadamel di pamarentahan penjajah.
Jaman penjajahan jepang teh jaman anu sarwa sulit Sanajan kagungan ijazah guru teu babari nyiar kasab. Dina kaayaan kitu, kasab naon wae oge dilakonan asal halal. Anjeunna kapaksa janten tukang catut karcis bioskop. Barang tos genep bulan janten tukang catut, teu kantos lami jol atasanana di sakola guru sumping ka bumina, ngajakan deui ngajar di sakola guru anu bade diadegkeun. Sanusi nolak kana eta ajakan lantaran alim ngaletak ciduhna nyalira.
Sataun ti harita , atasan Sanusi ka bumina deui. Lain nawaran janten guru tapi janten kepala sakola. Sanusi tetep nolak lantaran kukuh kana naon anu tos diucapkeunana. Dina mangsa penjajahan Jepang, sakabeh organisasi “pergerakan” dibubarkeun kaasup Paguyuban Pasundan. R. Oto Iskandar Di nata kudu nyalametkeun dana organisasi anu dibubarkeun. Ku kituna anjeunna nawisan Sanusi pikeun ngajalankeun dana organisasi dina wangun usaha. Sanusi dipaparin modal ku Pa Oto anu seueurna saratus ringgit. Anjeunna muka warung dina tilas kantor Paguyuban Pasundan di Jalan Dalem Kaum Bandung. Eta warung teh dinamian ”Badan Oesaha Perekonomian” (BOP). Ieu usaha dagang teh lami-lami mah mekar. Anjeunna dipercanten pikeun ngimpor barang. Kamaheran di widang perekonomian nyababkeun anjeunna diangkat janten anggota “Pengurus Persatuan Pedagang” Indonesia di Bandung,

sareng “Pengurus Koperasi Distribusi Priangan” (Sangio Kumiai Renggokai Priangan-Shu). Lantaran tugasna beuki beurat, kapangurusan di BOP dipasrahkeun ka nu sanes.
Kasuksesan Sanusi dina ngokolakeun dana Paguyuban Pasundan teu leupas tina sikep anjeunna dina soal ngokolakeun dana. Anjeunna salawasna nandeskeun pola hirup rikrik gemi, ngeureut neundeun (pinter nabung), henteu awuntah (boros atawa royal).
Tanggal 14 Agustus 1945 Jepang serah bongkokan ka sekutu, perang Asia Timur Raya reureuh. Sukarno sareng Hatta nembe mulih ti Vietnam nepungan panglima Jepang, Ngan ukur dina itungan poe ti harita, detik-detik proklamasi 17-Agustus-1945 geus muka lambaran hirup anyar pikeun bangsa Indonesia.
Isukna PPKI, anu diwakilan ku wawakil ti Pulo Jawa, Sumatera, Sulawesi, jeung Kalimantan (baheula eta runtuyan pulo teh disebutna Sunda kecil) nyieun rarancang UUD anu geus disiapkeun ku BPUPKI sarta disahkeun anu kiwari disebut UUD 1945. Salian ti eta PPKI netepkeun ngadegna Komite Nasional Indonesia Pusat (KNIP) pikeun nampung pangdeudeul ti masarakat kana ngadegna nagara Republik Indonesia.
Luyu jeung kawijakan di pusat, di tingkat karesidenan diwangun Komite Nasional Indonesia Daerah (KNID). Dina gempungan anu dipingpin ku R. Puradireja kapilih 23 urang anggota. Sanusi Hardjadinata kapilih salaku wawakil ti kalangan padagang. Lajeng anjeunna oge diangkat salaku anggota Dewan Pemerintahan Harian Karesidenan Priangan. Nalika kalungguhan Residen Priangan dicepeng ku R. Indung Ardiwinangun, luyu jeung putusan gempungan KNID 1 September 1945, Sanusi Hardjadinata anu lahir di Desa Cinta -Sukawening Garut tanggal 24 Juni 1914 ieu kapilih janten Wakil Residen sareng resmi janten Pegawai Tinggi Residen Priangan. Taun 1947 janten Pegawai Tinggi Departemen Dalam Negeri RI, sarta janten Pegawai Tinggi anu diperbantukeun di Residen Madiun. Ti taun 1945 dugi ka taun 1950 anjeunna ngiring gerilya sareng TNI di Priangan sareng di Madiun JawaTimur. Taun 1951 sabada janten Komisaris Republik Indonesia Serikat pikeun Jawa Barat sarta Residen Priangan, anjeunna diangkat janten Gupernur Jawa Barat dugi ka taun 1957. Teu kakantun dina taun 1955 anjeunna oge mupuhuan panitia lokal Konperensi Asia Afrika di Bandung.
Masih keneh seueur kalungguhan sanesna anu dipercantenkeun ti nagara ka anjeunna, di antarana:

Taun 1951- GupernurJawa Barat
• Taun 1957-1959 Mentri dalam negeri
• Taun 1960-1964 Duta Besar Indonesia pikeun Republik Persatuan Arab (Mesir)
• Taun 1964-1966 Rektor Universitas Negeri Padjadjaran Bandung
• Taun 1966 Mentrei Utama RI Bidang Industri dan Pembangunan
• Taun 1967 Menteri Pendidikan, Pengajaran dan Kebudayaan (PP&K)
• Taun 1968-1970 Diperbantukeun di Departemen Dalam Negeri
• Taun 1975-1978 Anggota Dewan Pertimbangan Agung (DPA)
• Jrrd …

Sanajan anjeunna nyepeng rupa-rupa kalungguhan di pamarentahan, tapi anjeunna mah salawasna basajan, nepi ka kungsi hiji inohong pamarentahan, Ali Sadikin manten Gupernur DKI Jakarta nyarita: “Sim kuring kalintang ngajenan pisan kana kasederhanaan Bapa Sanusi Hardjadinata.”
RH. Moh. Sanusi Hardjadinata mulih ka rohmatulloh di Bandung 19 Rajab 1416 H/ 12 Desember 1995
Muga –muga naon anu ditaratas ku anjeunna sing jadi hikmah keur balarea, hususna urang Sunda umumna bangsa Indonesia. Amin Ya Robbal Alamin.

(Dicutat tina: Negarawan dari Desa Cinta. DR Nina H. Lubis)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar