Ieu
 aya sakedik seratan kanggo dulur-dulur hususna urang Sunda umumna ka 
sing saha wae nu micinta budaya Sunda. Malahmandar aya mangpaatna ka balarea.
Lamun
 ditilik tina jihat fisik, sacara umum urang Sunda teh geus  napak dina 
alam globalisasi. Ieu hal bisa katiten  dina widang teknologi jeung 
infor-masi,  ki Sunda geus bisa nyaluyukeun diri kana kamajuan jaman. 
Naon rupa teknologi jeung informasi anu datang ti luar, gasik 
dibageakeun,  ki Sunda teu weleh rikat tur tanginas dina ngungkulan 
robahna usum. Ti mimiti   tek-nologi undagi nepi ka teknologi  internet 
ki Sunda teu kapandeurian.Teu sa-eutik wangunan nu dicor beton, nepi ka 
gunung-gunung jeung basisir  oge dipelakan tangkal beusi. Tower celuler 
di mana-mana. Model wangunan imah ala Eropa, Amerika jeung Latin 
ngabadeg, sok komo di pakotaan dalah di pasisian oge geus rajeg 
model-model imah ala Eropa. Aya nu mangrupa imah biasa paragi padumukan,
 aya oge nu mangrupa “Villa” paniisan para gegeden jeung menak. Pon kitu
 deui dina cara ngagunakeun papakean, ti mimiti papa-kean tradisional,  
modern jeung busana muslim ala Timur -Tengah  teu   ka-larung.  Tetela 
yen ki Sunda nepi ka poe ieu geus bisa ngojayan paneka   ja-man.    Dina
 widang informasi jeung komunikasi geus ilahar  ngagunakeun “handphone” 
(HP), teu   si-rikna mahabu nepi ka lapisan masarakat nu pang-handapna. 
Lain kaum   intelek wungkul nu bisa ngagunakeun fasilitas HP teh, tapi 
masarakat biasa oge geus teu ”gaptek” (gagap teknologi) deui ka-na ieu 
teknologi.  Malahan mah dina internet geus  aya komunitasna,      di- 
antarana:  Kus.Net  (Komunitas  urang Sunda di internet) jeung ki 
Sukma-Sunda anu eusina mangrupakeun hal-ihwal ka-Sunda-an. Lian ti eta, 
dina internet  geus aya blog Sunda, di dinya bisa wawanohan jeung silih 
pairan pamadegan sarta nambahan kaweruh  hususna  dina widang 
ka-Sunda-an jeung elmu pangaweruh lianna. Sawala ge bisa ngaliwatan 
internet kalawan media nu digunakeunana media basa Sunda. Horeng di 
dunya maya rea  ke-neh urang Sunda nu masih rumawat, ngarumat kana jati 
dirina.  Ngan lamun diprosentasekeun tina jumlah urang Sunda 
sagemblengna, relatif saeutik keneh urang Sunda nu make fasilitas 
internet kalawan ngagunakeun media basa Sunda tur medar  ngeunaan 
ka-Sunda-an. Pikeun saheulaanan, palebah dieu mah urang teu hariwang ,  
yen basa Sunda teh bakal tumpur sakumaha anu dihariwangkeun ku sastrawan
 jeung budayawan kahot Ajip Rosidi. Ana kitu mah boa-boa urang Sunda teh
 “jiga aya tapi euweuh jiga euweuh tapi aya …”  kawas siloka Siliwangi; 
“Esa hilang dua terbilang …” atawa kawas elmu “pancasona” dina 
pawayangan “sarebu kali mati sarebu kali hirup …”    sanajan basa Sunda 
ditumpuran di lemburna pisan,  tapi masih ngancik di dunya maya,   
tetela yen Sunda teh aya (eksis). Sarta dina filosopi “napak sancang”  
anu harti asalna mah napak sancang teh bisa leumpang dina beungeut cai, 
kiwari bisa dianalogikeun yen napak  sancang teh bisa napak dina sagala 
widang.  Sanajan cek sawareh inohong mah basa Sunda nyirorot panyaturna 
teh balukar tina proses   globalisasi, akulturasi, jeung faktor 
geografis Jawa barat anu deukeut ka puseur nagara nyaeta Jakarta.    
Sa-estuna lamun urang nitenan faktor geografis, lain Jawa Barat nu 
deukeut ka Jakarta,   tapi Jakarta anu aya  di wewengkon pulo Jawa 
bagian barat. Malah bandar labuhanana oge apan Sunda Kalapa. Urang teu 
bisa mopoho-keun kana “History of Java”  kitu bae.  Sakabeh  suku   
bangsa jeung  pa-lancong ti mancanagara aya di Jawa Barat. Nu ngadon 
bubuara,  nu sarako-la, sarta nu neangan napakah di Jawa Barat teh 
ngaleuya ti mana-mana.   Tapi lamun eta tiori dilarapkeun ka Jawa 
Tengah, Jawa Timur atawa Bali jigana pasalia. Naha di Jawa Tengah, Jawa 
Timur, di Bali atawa di pulo-pulo sejenna nu aya di sakuriling-bungking 
Indonesia teu aya globalisasi jeung akulturasi anu diwuwuh ku leuwih 
jauh ti puseur nagara. Puguh Jawa Timur jeung Bali mah leuwih  deukeut 
ka nagri deungeun (Australia) sarta palan-cong leuwih rea jeung 
baretaheun di pulo Dewata,  tapi basa indungna  sa-kulit- sadaging 
satulang-sasungsum.  Naha  urang teu ngeunteung ka dinya? Ceuk 
apriorina,  mun kitu mah daya apresiasi urang kana jati diri teh    
po-hara hengkerna. Saenyana sakadang  globalisasi jeung akulturasi mah 
teu kudu dijadikeun munding hideungna. Lantaran eta mah geus sacara 
alami (sunatulloh),  hiji bangsa  atawa  etnis mana wae   di dunya teu 
bisa hirup mencil nyorangan tansah campur gaul jeung etnis lianna. 
Saperti  nu    kapanggih dina salasahiji guguritan pupuh pucung sanggian
 buhun:
Utamana jalma kudu rea batur
keur silih tulungan
silih titipkeun nya diri
budi akal lantaran ti pada jalma
Sidik pisan  ti girangna keneh  ki Sunda geus mere pangjurung,    yen hirup
teh
 kudu campur gaul jeung papada kaula, boh urangna nu ngumbara boh batur 
nu ngumbara di urang. Ngan pacuan ulah kadalon-dalon, lali kana 
pur-wadaksi poho ka temahwadi, anu antukna basa Sunda lir ibarat semah 
di lemah caina sorangan. Sanajan teu  ngaliwatan  panalungtikan   anu 
otentik, ngan ukur observasi di sababaraha tempat, yen panyatur basa 
Sunda beuki nyaeutikan bae.  Ieu hal bisa katangen sacara kasat mata 
dina kahirupan sapopoe. Indikasi anu pangjentrena lamun budak dititah 
nyieun pancen basa Sunda ti sakola, tibatan ngagugu rea pisan nu 
ngawaguna. Ieu toton-den lain di hiji sakola bae, tapi di sababaraha 
sakola tur teu ngalingkup di kota wungkul, di pilemburan ge geus 
nangara. Ciciren yen di imahna ku   ko-lotna tara dibiasakeun nyarita ku
 basa Sunda.    Malah aya budak jeung kolotna anu ngaku yen di imahna 
geus teu make basa Sunda deui,  lantaran lamun nyarita ku basa Sunda, 
babaturanana di sakola teu ngalartieun  (tina sample di kota).   Ari di 
pilemburan  mah sawareh responden  nyebutkeun yen di imah teu 
dibiasakeun nyarita Sunda ti leuleutik teh alesanana sieun di sakola teu
 bisa nyarita basa Indonesia.  Padahal jumlah jam Basa Indo-nesia mah 
leuwih kerep ti batan jam pangajaran basa Sunda, saestuna teu kudu 
dipake karempan teu bisa nyarita dina basa Indonesia. Lantaran dina 
etalaseu (tv jeung radio)  nu aya di panganjrekan sewang-sewangan,  
media  nu  digunakeunana 99%  ngagunakeun basa Indonesia.  Aya oge nu 
gehgeran wae, tv-isme jeung iklanisme,  basa nu dipake teh nurutan para 
selebritis jeung bentang iklan.
Memang teu salah, jeung teu haram 
ngagunakeun basa niru-niru selebriti atawa “basa gaul”  teh , malah 
salasahiji prinsip basa nyaeta arbitrer  (ma-nasuka/ sakahayang). Tapi 
pan kudu luyu dina situasi kumaha, jeung saha u-rang nyarita, naon nu 
dicaritakeun kudu larap jeung merenah dina tempat-na.  Sarta dina 
bagbagan basa oge aya nu disebut ragam basa. Saperti ra-gam basa budak 
sakola, ragam basa hormat, ragam basa pasar, ragam basa terminal, ragam 
basa kantor, ragam basa pejabat, ragam basa ilmiah,   ra-gam basa slank,
 ragam basa jurnalis, ragam basa selebriti jrrd. Biasana la-mun basa 
indungna bener tur mernah, basa kaduana oge sok nuturkeun me-renah atawa
 teu mencog teuing. Ngan anu leuwih parna tina indikasi ku  na-on basa 
Sunda teu kapalire jeung rek tumpur, nyaeta aya asumsi geus teu reueus 
deui, jeung dianggap kurang nguntungkeun lamun nyarita dina basa Sunda. 
Padahal sanajan nyarita dina basa Indonesia atawa basa gaul naon wae oge
 can tangtu nguntungkeun lamun tema jeung bahan pagunemanana mancawura 
teu puguh juntrunganana mah.  Nya  ari jeung  papada  ki Sunda deui mah 
leuwih payus sarta leuwih kayungyun lamun nyarita ku basa Sunda teh, 
turta leuwih apresiatif.  Duka mun ngarasa leuwih gagah atawa leuwih 
gaya mun nyarita henteu ku basa Sunda.  Wallohu’alam…
Naon pangna 
urang kudu ngamumule basa karuhun urang? Lantaran   ki  se-mah atawa 
deungeun-dengeun ngarajenan ka urang teh ku sabab urang nga-bogaan 
cahara budaya anu mangrupakeun kreatifitas hasil budidayana  so-rangan, 
anu euweuh di arinyana. Sabalikna lamun urang gehgeran wae nuru-tan 
budaya deungeun tansah tedeng aling-aling, tanwande bakal jadi  bang-sa 
anu teu nyaho saha sabenerna ari dirina?.  Iwal, lamun ngamum kana 
bu-daya deungeun teh pikeun kapentingan paelmuan jeung ngeuyeuban kana 
paranggong budaya urang.
Bangsa anu diajenan ku dunya 
Internasional nyaeta bangsa anu  ngabogaan norma- etika jeung budaya 
nasional  anu  ngabedakeun ti bangsa-bangsa lianna di dunya. Ki Hajar 
Dewantara (R.M Suwardi Surya Ningrat)  kungsi netelakeun yen “budaya 
nasional teh puncakna budaya Nusantara anu aya di daerah-daerah di  
sakuliahing Nusantara.” Ieu kalimah teh lain kalimah samanea, buktina 
jelema-jelema ti mancanagara ngaraleut ngeungkeuy ngabandaleut  harayang
 diajar adat-istiadat karuhun urang. Nu ngadon diajar penca, ngibing, 
ngawih, nabeuh gamelan jeung waditra Sunda lianna, jrrd. Salian ti eta 
arinyana  oge dialajar basa Sunda. Maranehna (wisatawan mancanagara) 
lain ngan ukur hayang ningali kaenda-han alam nu aya di urang.
Kitu
 deui bujangga Sunda anu moyan Panghulu Haji Hasan Mustapa nyebutkeun 
dina bukuna Bab Adat-adat Oerang Priangan djeung Oerang Soenda Lian ti 
Eta (1913) yen: “Ieu kabeh kiriman beunangna ngala ti man-canagara, 
henteu sakumaha maneuhna pageuhna, ngan saukur jadi perhias-an bae.” 
(kaca 162) Maranehna nu geus wanoh kana adat-istiadat budaya luar 
tungtungna baralik deui neuleuman adat-istiadat Sunda kalawan hate nu 
bagja.  Nepi ka dina kaca 163 anjeunna nyerat kieu: “Kaula nu nyieun ieu
 buku Sunda tulen, adat Sunda tulen, beunangna bangsa Sunda tulen.”
Pikeun
 sabengbatan mah, kamajuan dina jihat fisik jeung teknologi urang Sunda 
di Jawa Barat bisa disebut teu tinggaleun teuing. Jeung memang, sagala 
rupa elmu panemu katut kaulinan nu jolna ti luar sa-optimal mungkin ku 
urang kudu diteuleuman nepi ka bisa ngamangpaatkeunana kalawan luyu 
jeung kaayaan sosio-kultural  nu nyampak di urang, sangkan  ki Sunda    
hu-susna; umumna Indonesia bisa sajajar jeung ngungkulan bangsa-bangsa 
deungeun nu aya di dunia. Lain ngan ukur gehgeran atawa tuturut munding 
wungkul, anu temahna ngabalukarkeun adean ku kuda beureum.
( Dimuat dalam Majalah Pendidikan UPI CAHARA BUMI SILIWANGI ISSN 2085-322X  No.3 Oktober 2009 )
