Sabtu, 17 Maret 2012

BUDAYA GEHGERAN


by Ridwan Iskandar on Wednesday, 11 November 2009 at 04:44 ·
Ieu aya sakedik seratan kanggo dulur-dulur hususna urang Sunda umumna ka sing saha wae nu micinta budaya Sunda. Malahmandar aya mangpaatna ka balarea.

Lamun ditilik tina jihat fisik, sacara umum urang Sunda teh geus napak dina alam globalisasi. Ieu hal bisa katiten dina widang teknologi jeung infor-masi, ki Sunda geus bisa nyaluyukeun diri kana kamajuan jaman. Naon rupa teknologi jeung informasi anu datang ti luar, gasik dibageakeun, ki Sunda teu weleh rikat tur tanginas dina ngungkulan robahna usum. Ti mimiti tek-nologi undagi nepi ka teknologi internet ki Sunda teu kapandeurian.Teu sa-eutik wangunan nu dicor beton, nepi ka gunung-gunung jeung basisir oge dipelakan tangkal beusi. Tower celuler di mana-mana. Model wangunan imah ala Eropa, Amerika jeung Latin ngabadeg, sok komo di pakotaan dalah di pasisian oge geus rajeg model-model imah ala Eropa. Aya nu mangrupa imah biasa paragi padumukan, aya oge nu mangrupa “Villa” paniisan para gegeden jeung menak. Pon kitu deui dina cara ngagunakeun papakean, ti mimiti papa-kean tradisional, modern jeung busana muslim ala Timur -Tengah teu ka-larung. Tetela yen ki Sunda nepi ka poe ieu geus bisa ngojayan paneka ja-man. Dina widang informasi jeung komunikasi geus ilahar ngagunakeun “handphone” (HP), teu si-rikna mahabu nepi ka lapisan masarakat nu pang-handapna. Lain kaum intelek wungkul nu bisa ngagunakeun fasilitas HP teh, tapi masarakat biasa oge geus teu ”gaptek” (gagap teknologi) deui ka-na ieu teknologi. Malahan mah dina internet geus aya komunitasna, di- antarana: Kus.Net (Komunitas urang Sunda di internet) jeung ki Sukma-Sunda anu eusina mangrupakeun hal-ihwal ka-Sunda-an. Lian ti eta, dina internet geus aya blog Sunda, di dinya bisa wawanohan jeung silih pairan pamadegan sarta nambahan kaweruh hususna dina widang ka-Sunda-an jeung elmu pangaweruh lianna. Sawala ge bisa ngaliwatan internet kalawan media nu digunakeunana media basa Sunda. Horeng di dunya maya rea ke-neh urang Sunda nu masih rumawat, ngarumat kana jati dirina. Ngan lamun diprosentasekeun tina jumlah urang Sunda sagemblengna, relatif saeutik keneh urang Sunda nu make fasilitas internet kalawan ngagunakeun media basa Sunda tur medar ngeunaan ka-Sunda-an. Pikeun saheulaanan, palebah dieu mah urang teu hariwang , yen basa Sunda teh bakal tumpur sakumaha anu dihariwangkeun ku sastrawan jeung budayawan kahot Ajip Rosidi. Ana kitu mah boa-boa urang Sunda teh “jiga aya tapi euweuh jiga euweuh tapi aya …” kawas siloka Siliwangi; “Esa hilang dua terbilang …” atawa kawas elmu “pancasona” dina pawayangan “sarebu kali mati sarebu kali hirup …” sanajan basa Sunda ditumpuran di lemburna pisan, tapi masih ngancik di dunya maya, tetela yen Sunda teh aya (eksis). Sarta dina filosopi “napak sancang” anu harti asalna mah napak sancang teh bisa leumpang dina beungeut cai, kiwari bisa dianalogikeun yen napak sancang teh bisa napak dina sagala widang. Sanajan cek sawareh inohong mah basa Sunda nyirorot panyaturna teh balukar tina proses globalisasi, akulturasi, jeung faktor geografis Jawa barat anu deukeut ka puseur nagara nyaeta Jakarta. Sa-estuna lamun urang nitenan faktor geografis, lain Jawa Barat nu deukeut ka Jakarta, tapi Jakarta anu aya di wewengkon pulo Jawa bagian barat. Malah bandar labuhanana oge apan Sunda Kalapa. Urang teu bisa mopoho-keun kana “History of Java” kitu bae. Sakabeh suku bangsa jeung pa-lancong ti mancanagara aya di Jawa Barat. Nu ngadon bubuara, nu sarako-la, sarta nu neangan napakah di Jawa Barat teh ngaleuya ti mana-mana. Tapi lamun eta tiori dilarapkeun ka Jawa Tengah, Jawa Timur atawa Bali jigana pasalia. Naha di Jawa Tengah, Jawa Timur, di Bali atawa di pulo-pulo sejenna nu aya di sakuriling-bungking Indonesia teu aya globalisasi jeung akulturasi anu diwuwuh ku leuwih jauh ti puseur nagara. Puguh Jawa Timur jeung Bali mah leuwih deukeut ka nagri deungeun (Australia) sarta palan-cong leuwih rea jeung baretaheun di pulo Dewata, tapi basa indungna sa-kulit- sadaging satulang-sasungsum. Naha urang teu ngeunteung ka dinya? Ceuk apriorina, mun kitu mah daya apresiasi urang kana jati diri teh po-hara hengkerna. Saenyana sakadang globalisasi jeung akulturasi mah teu kudu dijadikeun munding hideungna. Lantaran eta mah geus sacara alami (sunatulloh), hiji bangsa atawa etnis mana wae di dunya teu bisa hirup mencil nyorangan tansah campur gaul jeung etnis lianna. Saperti nu kapanggih dina salasahiji guguritan pupuh pucung sanggian buhun:

Utamana jalma kudu rea batur
keur silih tulungan
silih titipkeun nya diri
budi akal lantaran ti pada jalma

Sidik pisan ti girangna keneh ki Sunda geus mere pangjurung, yen hirup
teh kudu campur gaul jeung papada kaula, boh urangna nu ngumbara boh batur nu ngumbara di urang. Ngan pacuan ulah kadalon-dalon, lali kana pur-wadaksi poho ka temahwadi, anu antukna basa Sunda lir ibarat semah di lemah caina sorangan. Sanajan teu ngaliwatan panalungtikan anu otentik, ngan ukur observasi di sababaraha tempat, yen panyatur basa Sunda beuki nyaeutikan bae. Ieu hal bisa katangen sacara kasat mata dina kahirupan sapopoe. Indikasi anu pangjentrena lamun budak dititah nyieun pancen basa Sunda ti sakola, tibatan ngagugu rea pisan nu ngawaguna. Ieu toton-den lain di hiji sakola bae, tapi di sababaraha sakola tur teu ngalingkup di kota wungkul, di pilemburan ge geus nangara. Ciciren yen di imahna ku ko-lotna tara dibiasakeun nyarita ku basa Sunda. Malah aya budak jeung kolotna anu ngaku yen di imahna geus teu make basa Sunda deui, lantaran lamun nyarita ku basa Sunda, babaturanana di sakola teu ngalartieun (tina sample di kota). Ari di pilemburan mah sawareh responden nyebutkeun yen di imah teu dibiasakeun nyarita Sunda ti leuleutik teh alesanana sieun di sakola teu bisa nyarita basa Indonesia. Padahal jumlah jam Basa Indo-nesia mah leuwih kerep ti batan jam pangajaran basa Sunda, saestuna teu kudu dipake karempan teu bisa nyarita dina basa Indonesia. Lantaran dina etalaseu (tv jeung radio) nu aya di panganjrekan sewang-sewangan, media nu digunakeunana 99% ngagunakeun basa Indonesia. Aya oge nu gehgeran wae, tv-isme jeung iklanisme, basa nu dipake teh nurutan para selebritis jeung bentang iklan.
Memang teu salah, jeung teu haram ngagunakeun basa niru-niru selebriti atawa “basa gaul” teh , malah salasahiji prinsip basa nyaeta arbitrer (ma-nasuka/ sakahayang). Tapi pan kudu luyu dina situasi kumaha, jeung saha u-rang nyarita, naon nu dicaritakeun kudu larap jeung merenah dina tempat-na. Sarta dina bagbagan basa oge aya nu disebut ragam basa. Saperti ra-gam basa budak sakola, ragam basa hormat, ragam basa pasar, ragam basa terminal, ragam basa kantor, ragam basa pejabat, ragam basa ilmiah, ra-gam basa slank, ragam basa jurnalis, ragam basa selebriti jrrd. Biasana la-mun basa indungna bener tur mernah, basa kaduana oge sok nuturkeun me-renah atawa teu mencog teuing. Ngan anu leuwih parna tina indikasi ku na-on basa Sunda teu kapalire jeung rek tumpur, nyaeta aya asumsi geus teu reueus deui, jeung dianggap kurang nguntungkeun lamun nyarita dina basa Sunda. Padahal sanajan nyarita dina basa Indonesia atawa basa gaul naon wae oge can tangtu nguntungkeun lamun tema jeung bahan pagunemanana mancawura teu puguh juntrunganana mah. Nya ari jeung papada ki Sunda deui mah leuwih payus sarta leuwih kayungyun lamun nyarita ku basa Sunda teh, turta leuwih apresiatif. Duka mun ngarasa leuwih gagah atawa leuwih gaya mun nyarita henteu ku basa Sunda. Wallohu’alam…
Naon pangna urang kudu ngamumule basa karuhun urang? Lantaran ki se-mah atawa deungeun-dengeun ngarajenan ka urang teh ku sabab urang nga-bogaan cahara budaya anu mangrupakeun kreatifitas hasil budidayana so-rangan, anu euweuh di arinyana. Sabalikna lamun urang gehgeran wae nuru-tan budaya deungeun tansah tedeng aling-aling, tanwande bakal jadi bang-sa anu teu nyaho saha sabenerna ari dirina?. Iwal, lamun ngamum kana bu-daya deungeun teh pikeun kapentingan paelmuan jeung ngeuyeuban kana paranggong budaya urang.
Bangsa anu diajenan ku dunya Internasional nyaeta bangsa anu ngabogaan norma- etika jeung budaya nasional anu ngabedakeun ti bangsa-bangsa lianna di dunya. Ki Hajar Dewantara (R.M Suwardi Surya Ningrat) kungsi netelakeun yen “budaya nasional teh puncakna budaya Nusantara anu aya di daerah-daerah di sakuliahing Nusantara.” Ieu kalimah teh lain kalimah samanea, buktina jelema-jelema ti mancanagara ngaraleut ngeungkeuy ngabandaleut harayang diajar adat-istiadat karuhun urang. Nu ngadon diajar penca, ngibing, ngawih, nabeuh gamelan jeung waditra Sunda lianna, jrrd. Salian ti eta arinyana oge dialajar basa Sunda. Maranehna (wisatawan mancanagara) lain ngan ukur hayang ningali kaenda-han alam nu aya di urang.
Kitu deui bujangga Sunda anu moyan Panghulu Haji Hasan Mustapa nyebutkeun dina bukuna Bab Adat-adat Oerang Priangan djeung Oerang Soenda Lian ti Eta (1913) yen: “Ieu kabeh kiriman beunangna ngala ti man-canagara, henteu sakumaha maneuhna pageuhna, ngan saukur jadi perhias-an bae.” (kaca 162) Maranehna nu geus wanoh kana adat-istiadat budaya luar tungtungna baralik deui neuleuman adat-istiadat Sunda kalawan hate nu bagja. Nepi ka dina kaca 163 anjeunna nyerat kieu: “Kaula nu nyieun ieu buku Sunda tulen, adat Sunda tulen, beunangna bangsa Sunda tulen.”
Pikeun sabengbatan mah, kamajuan dina jihat fisik jeung teknologi urang Sunda di Jawa Barat bisa disebut teu tinggaleun teuing. Jeung memang, sagala rupa elmu panemu katut kaulinan nu jolna ti luar sa-optimal mungkin ku urang kudu diteuleuman nepi ka bisa ngamangpaatkeunana kalawan luyu jeung kaayaan sosio-kultural nu nyampak di urang, sangkan ki Sunda hu-susna; umumna Indonesia bisa sajajar jeung ngungkulan bangsa-bangsa deungeun nu aya di dunia. Lain ngan ukur gehgeran atawa tuturut munding wungkul, anu temahna ngabalukarkeun adean ku kuda beureum.

( Dimuat dalam Majalah Pendidikan UPI CAHARA BUMI SILIWANGI ISSN 2085-322X No.3 Oktober 2009 )


1 komentar: