Si Kabayan jeung profesor diuk pahareup-hareup dina kareta api
jurusan Bandung - Jakarta. Maranehna samasakali pada-pada teu wawuh. Ku
lantaran kitu sajajalan maranehna teh pacicing-cicing. Sangkan teu
karasa bosen di perjalanan, profesor ngajakan tatarucingan ka Si Kabayan
sanggeus samemehna duanana silih wanohkeun diri.
" Hei Kabayan,
kumaha lamun urang tatarucingan..? " Kabayan teu malire manehna mah
anteng we neuteup kaluar jandela kareta api. Ningali kitu profesor jiga
anu keuheuleun. Pokna deui " Kabayan hayu urang tatarucingan..! Kuring
rek mere tarucing keur anjeun. Lamun anjeun teu bisa ngajawab, anjeun
cukup mere duit Rp. 5000 ka kuring. Tapi lamun anjeun bisa ngajawab ku
kuring anjeun dibayar Rp. 50.000." Ngadenge omongan profesor kitu Si
Kabayan rada curinghak.. Profesor nyarita deui, " Anjeun mere tarucing
ka kuring, lamun kuring bisa ngajawab anjeun cukup mere duit Rp.5000 ka
kuring. Tapi lamun kuring teu bisa ngajawab, kuring mayar Rp.50.000 ka
anjeun, kumaha lamun kitu..? "
Panon Si Kabayan molotot kawas nu
rek ngacleng kaluar, ceulina ngadadak rebing ngadenge caritaan profesor.
Pok manehna ngomong, " Heug ..jadilah lamun kitu carana mah. Ayeuna pek
kuring tanya..! "
" OK...! " Walon Si Profesor mani giak naker.
" Yeuh dangukeun tarucing kuring, pangitungkeun jarak antara bumi jeung
bulan..? " Kabayan seuri lantaran teu nyaho naon jawabanana. Tuluy
manehna ngodok saku calanana, song duit Rp. 5000 dibikeun ka profesor.
Bari atoh profesor narima eta duit.
" Tah ayeuna giliran anjeun nanya ka kuring..! " ceuk profesor deui. Kabayan ngahuleng tuluy nanya,
" Sato naon ngaranna lamun naek ka gunung sukuna dua, tapi lamun turun ti gunung sukuna jadi opat..? "
Profesor
mikir mani uleng neangan jawaban. Tuluy kutrat-kotret ngitung ku
kalkulator sarta muka leptopna, nyambungkeun kana internet mukaan
sakabeh situs ensiklopedi, weleh teu manggih jawaban. Teu kungsi lila
kusiwel manehna ngaluarkeun duit Rp.50.000 tina saku bajuna sarta tuluy
dibikeun ka Si Kabayan bari rada jamotrot. Gancang eta duit teh
ditampanan, sup diasupkeun kana loketna ku Si Kabayan bangun nu atoheun
pisan.
" Ke..ke.. ke... sakeudeung Kabayan..!!! " Cek profesor
semu nu ngambek. " Kuring teu tarima, naon jawabanana tarucing maneh...?
"
Si Kabayan seuri ka profesor, bari teu riuk-riuk Si Kabayan
ngodok pesak jeketna, tuluy mikeun duit Rp.5000 ka Profesor. Profesor
garo-garo sirah teu ateul, tarangna rada kerung sarta manehna narik
napas jero pisan jiga nu handeueul....
Tidak ada komentar:
Posting Komentar