Jumat, 02 April 2010

Ti AWAKING :


" CAMARA DI ISOLA "

Harita kuring datang
dipapag camara gugupay
harepan demi harepan
ngarandakah dina ciciptan

Harita kuring datang
ditarima caringin tingtrim
hareupeun Isola
tetela tangeh keneh lampah
mo bisa disawang 'na kalangkang empang

Na pucuk camara harepan nyampay
neueul 'na ketug jajantung
ngancik 'na angen-angen
harita ... basa kuring datang.

(lembur kuring, Juli '87)


'' AGUSTUS 91 ''


Hirup...

lain ngan ukur milangan bentang di langit
bari diri pareumeun cangra
lir hideungna peuting
nu ngadingding

Hirup...

taya basa kompromi
nu aya ngan ukur ironi..!

Hirup...

natanyakeun iraha kuring bagja..?
kamana kuring lunta..?
ka saha diri muntang..?

Hirup...

bebeneran ukur beja
bari nganti datangna pahala

Hirup
...
kasatiaan ngan aya di Pangeran
jeung dina hate...
jalma-jalma nu saroleh.

(pangedengan)


"SORA TI DASAR LAUT"



Bumi gunjang-ganjing ... laut motah
langit geuneuk panonan
natanyakeun kunaon kuring digunasita..?
kunaon kuring teu diriksa...?
kunaon kuring teu dijaga...?
kaula ge makhluk Allah
kabeh ge keur aranjeun..

Tapi aranjeun sakama-kama ngolah kami..!
pajah keur kapentingan balarea..!
mana buktina ...?

Loba keneh jalma nu teu walakaya ..
nu beunta hayang di memenan
nu jagjag embung cape..!
anu mampuh hayang dibantu
nu lolong teu dituyun..
ngabobodo maneh geus ngabaju

Jurigjana naon bangsa andika..?
peurahan pitenah di mana-mana
naon nu dipikahayang ku maraneh dicumponan

Nu lolong ... nu teu walakaya
nu teu manggih dahar teh makhluk Allah keneh

(sireum careurik patingkoceak-dengek, impun patingsalegruk,
teri ngageuri ...cikaracak ngarakacak .. ubur-ubur nyaruuh..)

Nyah beunta ... sihoreng geus Isya...
duh.. Gusti hampura dosa kuring,
hampura dosa indung -bapa kuring,
hampura dosa nini-aki kuring,
hampura dosa dulur-dulur kuring

Cag !

(pangumbaraan, September '09)